Postingan

Resensi Novel Sunda Si Kabayan Jadi Dukun

Identitas Novel Judul : Si Kabayan Jadi Dukun Pangarang : Moh. Ambri Penerbit : Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2009 Jumlah Kaca : 71 kaca Sinopsis: Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul manehna mah. Manéhna ngandelkeun késang pamajikanna keur hirup sapopoé, mun keur daék kakarak manéhna leos ka leuweung ngala suluh. Hiji poé Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana nyarahoeun, Kabayan nampiling Saikem, nu jadi pamajikanna. Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun di lembur si Kabayan, kabeneran sémah téh nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus. Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti, dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku si Kabayan keur ngayakinkeun. Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung dua urang anu nu nyebutkeun yén manéhna téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah éta, da geus digebugan. Kabayan...

TÉATER LANGKA

Gambar
Téater Langka mangrupakeun salah sahiji organisasi nu aya di SMAN 1 CICALENGKA.Teater langka resmi jadi sub organisasi di SMAN 1 CICALENGKA tanggal 30 Mei 2007. Arti Lambang Arti Warna: Bodas Ngalambangkeun kasucian.Kasucian di lingkungan Teater Langka ngagambarkeun niat anu saé sareng lampah Teater Langka anu mulia.  Hideung Ngalambangkeun kateguhan.Ngagambarkeun Téater Langka anu salawasna panceg tur serius dina ngalaksanakeun hiji hal. Arti Gambar: Dua beungeut nyanghareup ka luar Ngalambangkeun bagian tina Visi Téater Langka " Eksternal Publish" anu salawasna terbuka sarta salawasna ngajaga hubungan harmonis jeung batur séjén. Sanggul di talian Ngalambangkeun Visi Téater Langka " Internal Solid" anu hartina Téater Langka salawasna ngajaga jeung ningkatkeun solidaritas sarta harmoni jeung sasama. Panon katutupan Ngalambangkeun yén Téater Langka téh tiis-pikiran tur tenang dina ngajalankeun hal. Kagiatan Kagiatan nu aya di Téater Langka nyaéta latihan rutin unggal...