Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2024

Resensi Novel Sunda Si Kabayan Jadi Dukun

Identitas Novel Judul : Si Kabayan Jadi Dukun Pangarang : Moh. Ambri Penerbit : Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2009 Jumlah Kaca : 71 kaca Sinopsis: Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul manehna mah. Manéhna ngandelkeun késang pamajikanna keur hirup sapopoé, mun keur daék kakarak manéhna leos ka leuweung ngala suluh. Hiji poé Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana nyarahoeun, Kabayan nampiling Saikem, nu jadi pamajikanna. Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun di lembur si Kabayan, kabeneran sémah téh nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus. Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti, dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku si Kabayan keur ngayakinkeun. Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung dua urang anu nu nyebutkeun yén manéhna téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah éta, da geus digebugan. Kabayan...